wilujeng tepang deui

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Ci Garung

ngeunaan harti tina kecap "GARUNG",
pikeun uing rada nyungkelit kana ati ngeunaan eta ngaran teh kusawab :
1.padumukan uing ayeuna ayana di kampung nu dingaranan CiGarung
2.dina silsilah raja jawa tengah (http://arkeologi.web.id/old/directory.php?id=200803140025)
aya oge nami 'Rake garung',
tapi ah da pamohalan sugan ngaran lembur uing(cigarung) dicatut tina ngaran eta raja,
3.aya oge dongeng ti sepuh urang lembur ngaran cigarung dicatut ti nu ngadirikeun kampung nyaeta kiGarungan, cenahmah anggahota laskarna prabu siliwangi keneh.(naha bener aya tina sajarah nu aktualna kitu?)
nu malah mah anjeuna ngadamel guha/torowongan nu satengahna kakeueum ku cai walungan cimandiri(di desa Leuwiliang kec:cikembar kab:sukabumi).
tapi asa can aya arkeolog nu nalungtik ieu guha tug dugika kiwari,
ceuk dongeng mah eta guha tembusna dugika kutamaneuh daerah lio sukabumi.
4.aya beja oge yen "garung" teh artina bala ku tatangkalan jeung batu.
5.aya oge cenah garung teh nyaeta ruas awi paragi nyadap gula kawung....
ah jadi pajuliwet,
====================================================================
seratan kang tirta:

Di google keun teh geuning seueur nya"
1. Dari Wikipedia Indonesia, ensiklopedia bebas berbahasa Indonesia. Garung adalah sejenis pohon dari genus Macaranga. Sok tingal tangkalna nu kumaha sareng pastina kedah seueur jadi/tumbuh didinya.
2. Rakai/Rakeyan/ Rakyan hartosna "pangawasa di" janten Rakyan Garung hartosna pangawasa di Garung. Kapungkurmah panerus nu ka opat Mataram Kuno ti Sanjaya..... . Kiwari mah rakyan Garung teh namina kang Fredy. Ngan..aya nganna kang geuning Garung teh seueur.....mangga we ngadamel United States of Garung -:))

Place State Latitude Longitude Elevation (meters) Elevation (feet)
Garung Propinsi Jawa Tengah -7.3466667 110.0272222 1389 4557
Garung Daerah Istimewa Yogyakarta -7.3466667 110.0272222 1389 4557
Garung Propinsi Jawa Tengah -7.4505556 110.0386111 1040 3412
Garung Daerah Istimewa Yogyakarta -7.4505556 110.0386111 1040 3412
Garung NA -6.7166667 106.0333333 243 797
Garung NA -7.2833333 109.9166667 1116 3661
Garung Propinsi Jawa Barat -6.1733333 106.3052778 11 36
Garung Propinsi Jawa Tengah -7.5402778 110.3469444 644 2113
Garung Daerah Istimewa Yogyakarta -7.5402778 110.3469444 644 2113
Garung Propinsi Jawa Tengah -7.4030556 110.0327778 1391 4564
Garung Daerah Istimewa Yogyakarta -7.4030556 110.0327778 1391 4564
Garung Propinsi Jawa Barat -7.0747222 107.5008333 1115 3658
Garung Propinsi Jawa Tengah -7.2675 110.3880556 476 1562
Garung Daerah Istimewa Yogyakarta -7.2675 110.3880556 476 1562

salam
JP
====================================================================
seratan bp Oman ar :

Kang,

Kumaha upama urang candak hikmahna, atawa, ceuk anu karuliah mah,
hermeuneutis atawa tafsiranna, anu sae wae. Saeutikna, aya 3 tafsiran
tina harti atawa asal-usul kecap "garung" boh sakumaha pedaran kang
Fredy samemehna atawa oleh-oleh ti Kang Tirta hasil lalayaran nganggo
google. Anu tilu teh kieu:

1) Garung sarua jeung "Macaranga". Dina salah sahiji pedaran ngeunaan
Macaranga sakumaha dina Wikipedia, disebutkeun yen eta tutuwuhan teh
kaasup jenis tutuwuhan "perintis" (anu ngabaladah). Maksudna, lamun
aya lahan atawa tempat gundul karana hiji hal (bisa karana
tatangkalana dituaran, atawa akibat bencana alam), tah Macaranga teh
kaasup tutuwuhan anu ngamimitian hirup di jeung ngahirupkeun eta
tempat. Tutuwuhan anu sejen karek hirup sanggeus aya tutuwuhan
perintis. Macaranga nagen hirup. Ieu hiji hal anu postifi pisan
maknana. Garung teh, nyaeta Macaranga tea, pelopor kahirupan, bisa
disebut anu ngasuh atawa anu jadi panaratas tumuwuh suburna kahirupan.

2) Eta "dongeng" Ki Garung, tiasa oge dicandak sisi positifna, anggota
pasukan Siliwangi tea. Ngan, saena dijelaskeun atawa ditalungtik deui,
torowongan anu dijieun ku ki Garung teh torowongan keur naon? Naha
keur jalan cai atawa torowongan keur ngorolos ("melarikan diri")?
Torowongan dina bilik leuwi eta hiji hal anu lumrah, komo lamun bilik
leuwi teh diwangun ku batuan vulkanik lava (sabab, bagean tengah
"aliran" lava biasana gorowong atawa babari muruhpuy, katambah
katembagan ku cai leuwi, nya anu nyieun torowongan teh kari neruskeun
ngagedean liangna).

Lamun torowongan keur jalan cai, siga karya Ma Eroh alm di
Tasikmalaya, eta pas pisan jeung kabiasaan para prajurit atawa nu
neruskeun Siliwangi: nyieun karya anu manfaat keur balarea. Nya da
budaya oge bisa difill in atawa dieusian ku urang, tujukeun (B. Ind:
arahkan) ka dinya wae atuh legenda Ki Garung teh. Jadi, jieun budaya
(dina hal ieu carita) anu hade (anu nyieun jalan cai keur balarea),
piraku teu jadi caritakeuneun nu hade oge ka hareup.

3) Aya harti sejen tina "Garung" numutkeun dadaran Kang Fredy: tempat
anu tarahal ku batu. Nya teu nanaon, da batu teh kacida pentingna keur
kahirupan. Dina geologi mah sagala rupa oge asalna tina batu, ti
mimiti taneuh (taneuh engkena tempat kahirupan makhluk anu kumelendang
di ieu alam) nepi ka barang-barang perhiasan anu luhur atawa mahal
ajenna eta tina batu atawa kaasup babatuan. Jadi, teu kudu nyungkelit
lamun aya anu nyebut Ki Batu ...eh Ki Garung atawa urang Ci Garung,
malah kudu reueus. Cai oge bijil tina batu (cai jeung taneuh tina
batu, asa kaharti lamun aya kekecapan kolot: "kuring mah gelar tina
beubeulahan batu"). Malah, ukur batu anu bisa nagen teu kabawa palid
ku cai sok sanajan cai eta keur caah. Nepi ka, jelema anu
pangrongkahna, pangrosana, taya lian ti tukang batu.

Salah sahiji tempat anu tarahal ku batu teh taya lian ti walungan.
Kusabab kitu, munasabah lamun di Tatar Sunda aya aran walungan anu
make kecap "garung": Cisanggarung. "Ci" pondokna tina "cai"; "Sang"
mah sigana atawa tafsiran uing, sakumaha dina kecap "Sang Jaya" (anu
engkena jadi "Sanjaya"). "Garung" jelas tarahal atawa rea batuan tea.
Cisanggarung pernahna di Ciamis ngetan-ngaler, pas wawatesna jeung
kabupaten Kuningan.

Di atawa deukeut DAS (daerah aliran sungai) Cisanggarung aya bendungan
anu kawentar, ngaranna bendungan Darma. Sok sanajan ieu bendungan
baheulana kungsi diganggu ku belut putih (istilah lemes tina
"koruptor" anu ngagalaksak kana duit semen, keusik, jsb), nepi ka
pangwangunana kalunta-kalunta aya taunna, tapi ari geus jadi mah
kacida gede manfaatna. Sabaraha hektar sawah bisa kacaian ku eta
bendungan, tina sawah tangtu dihasilkeun pare, tina pare - da urang
mah masih napak na taneuh - tangtu loba jiwa anu katalang ragana.
Jadi, harti sejen tina "garung" teh - ceuk uing ieu mah (bisi teu
sapuk mangga teh teuing) - taya lian ti walungan, salah sahiji rante
sumber kahirupan, syare'atna tangtuna oge. Jadi kudu dijaga garung
teh. Salah sahiji cara ngajagana nyaeta ngaabadikeun jadi aran tempat
atawa kampung. Wilujeng kana kawikajakan kolot baheula.

baktosna,

manAR
====================================================================
seratan richadiana kartakusuma :

Garung teh pami tina prasasti mah
tokoh otentik, nyaeta salah sawios raja Mataram Kuno turunan Rahiyang Sanjaya, anjeuna teh nami lengkepna Sri Maharaja Rakai Garung
Rakai teh tina Rakarayan = Ra + ka + raya = an > yang diagungkan (raya = besar, jembar, agung, akbar). Ari Garung upami ditempatkeun saatos Rakai - Rake - Rakarayan > hartosna nami tempat. Di dieu Garung teh nami wewengkon anu janen padumukan sang rakai = nyaeta taneuh lungguh, taneuh bengkok (apanage).Janten Rakai garung teh GELAR LUNGGUH

Margi apungkur mah raja oge u sanesna teu digajih ku mangrupi ARTOS sia ayeuna, tapi dipasihan wewengkon kakawasaan (kabupaten lah), kitu!

Oge Sanjaya anu ngageugeuh Mataram kasanding dina gelar lungguhna nyaeta RAKAI MATARAM SANG RATU SANJAYA. Gelar kieu teh KHAS raja2 jaman Mataram Kuno dugi ka mangsa Sindok (Mataram Jawa Timur)

awit Kadiri - Singhasari - Majapahit... .gelar Rakai teh robih janten Bhre tina Bhratara i.... sapertos Bhre Wijaya...geuning.

Nyanggakeun
Ambu Wirumanangay

Tidak ada komentar: