wilujeng tepang deui

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

SARE & MEDITASI


SARE nyaeta kondisi MEDITASI dina kaayaan "teu sadar", MEDITASI nyaeta kaayaan SARE dina kaayaan SADAR.

 MEDITASI ngahasilkeun energi anu loba tibatan SARE.

 Dina ratusan panalitian ngenaan meditasi nyaeta aya bahasan anu kacida hadena tina bagean 4 (opat) hormon anu aya dina awak anu ngilu andil dina kecerdasan intuitif jeung kecerdasa spiritual, Nyaeta hormon Melatonin, Pinolin, Hormon 5-Meo-DMT, Dimethyltryptamin (DMT).

 Melatonin dihasilkeunn ku kelenjar PINEAL dimana urang aya ditempat anu poek. Hormon Melatonin ieu diproduksina peuting, jeung lamun urang sare dina kaayaan lampu anu poek/dipareuman bakal ngabantu nglancarkeun peroduksi ieu ormon (melatonin), sebalikna lamun urang urang sare dina kaayaan lampu hurung (aya cahaya), produksi melatonin henteu lancar anu mengakibatkeun hudang isukna kaayaan awak anu teu seger.

 salain eta, produksi melatonin oge bisa dihasilkeun kucara meditasi nutup panon jeung aya ditempat anu poek.

 Produksi melatonin maksimal dihasilkeun ngan nepikeun antara 2-5 miligram sapoena, jeung hormon melatonin ieu anu ngatur “jam biologis“ manusa dimana bisa nyaring jeung tunduh dina waktuna, oge ieu hormon melatonin teh manfaatna pikeun ngembangkeu kesadaran spiritual,,,,

nganyahokeun cara meditasi dinu poek, dimana 3 (tilu) poe mediasi kadar melatonin jadi naek antara 15-20 mg dina getih, ngajadikeun kalenjar pineal ngaekskresikeun melatonin jeung mimiti ngahasilkeun hormon pinolin anu sifatna superkonduktor jeung ningkatkeun replika sel2 awak (mitosi), interkalasi jeung mlekul2 DNA. Ieu hormon biasana aya di awewe anu keur kakandungan, ngimpi, jeung dina pangalaman saacan paeh (near death exerience/NDE).

Hormon Pinolin ieu anu ngarangsang kajadian ningali ku "mata bathin" jeng kapekaan rasa. Lamun euweuh ieu hormon jeung kadarna teu loba, ulah ngarpkeun aya kajadian meta fisik(a). jelema anu ngabogaa bakat alami dina seukeutna intuisi (pangingal, pengdangu jeung rasa bathin) bisa dipastikeun djero awakna sacara alami ngabogaan kadar ieu hormon (pinolin) anu loba,,, sabab pinolin ngabogaan peran anu aktif dia decoding DNA anu mawa "memori klektif" ti luluhurna. Kusabab eta manehna bisa manggiha infoh anu nyumput, anu disinyalkeun ku otak katuhu dina bentuk cahaya, swara, kanyaho jeung realisasi visual.
Bisa disebut oge lamun pinolin ieu anu muka panto nuju "alam kasadaran" (super kasadaran), anu ngakibatkeun manusa bisa ngakses infoh anu disimpen di alam, jadi dina maca "tapak lacak memori" anu napel dina hiji pusaka atawa barang lain hiji hil anu mustahal, sabab partikel kesang hiji jalma masih napel dina eta barang. Hal ieu sasuai jeung hukum kakekalan zat anu ngajadikeun barang2 eta nyimpen sabagean memori anu bogana.

dimana sanggeus meditasi salila 6-8 poe teu eureun2, ea kelenjar pineal teh bakal ngahasilkeun hormon 5-Meo-DMT, dimana eta hormone ngabogaan sifat ngadatangkeun cahaya (luminescens) jeung ngaluarkeun cahaya (fosforenscens) anu disalurkeun ka korteks mata jeung eta anu ngalakukeun smedi/meditasi teh bakal ningali sinar anu kacida caangna dina "sirah"na.

*ref panalitian babarengan anu dilakukeun ku: Kai Eduard P.A Van Wijka (International Institute of Biophysics, Neuss, Jerman), Kai J.Ackermanc (Universitas Utrecht, Belanda), Kai Roeland Van Wijka (Cottage Hospital, Ambu Santa Barbara, California, USA).

Nunjukeun yen meditasi ngahasilkeun emisi foton ultra lemah (Ultra Weak Photon Emission), sedengkeun foton sorangan nyaeta partikel elementer dina fenomena elektromagnetik.
Anu sok meditasi bakal ngaluarkeun emisi foton tina awakna, tapi eta ngan bias ditingali kunu ngabogaan “mata katilu” (lamun urutan dina cakra mah, urutan anu ka 6/ indra ka 6). Komo di barudak anu masih umur dihandapeun 7 taun, sabab fungsi kelenjar pinealna masih normal. Eta bolon bakal nutup beungeutna jeung nyarita “kacida serabna” jiga ningali sinar panon poe anu caang.

Hormon 5-Meo-DMT interkalasina jeung RNA (ribonucleic acid), gambaran anus sok meditasi eta terus bisa ningali “visualisasi halo” atawa ”mata katilu”, saperti paham pikiran2 pra bahasa (bahasa
telepati) dina diri batur.
Kusabab eta manusa anu geus nyampe kana tingkatan/kondisi ieu bisa nyaho kana kaayaan psikologis batur najan taya ibar tianggalna (weruh sadurung winara).
bihari sateuacan aya lampu jiga ayeuna eta hormon2 teh kaproduksi ku anjeun,,, teras deui ngondisikeun sila sinuku tunggal/muja smedi di luhur gunung dimana eta gunung teh pusat turunna energi kosmik. Numawi anu teu gaduheun gunung mah nyarieun replikana anu disebat piramid tea

dina poe ka 9-12 ngajalankeun laku meditasi ditempat anu poek mongkleng atawa di jero guha, kadar hormone DMT bisa nepikeun ka 25 mg anu aya dijero getih, laju kabuka weh naon anu disebut “mata katilu” (the third eye/ indra ka 6), anu posisina pas ditukangeun tarang (cakra ajna).

Manusa anu geus nepi kana tingkatan/kondisi ieu, sacara subjektif tina pangalaman nyata, jeun energi awakna bisa ngalayang kaluar nepika ngalewihan dimensi ruang jeung waktu.

Pun paralun anu kasuhun,
nu mawi KARUHUN-KARUHUN urang tiasa ngandika anu ditulis dina daun, batu, kai sareng sajabana, nguningakeun naon anu bakal kajadian dina waktos kapengker, ayeuna sareng kapayuna, oge ngarahkeun laku saWARGAna dimana kedah tiasa akur jeung dulur satangtung, dulur sakasur, dulur sadapur, miwah dulur sasumur oge salembur tug dugika sakuliah dunya anu diampaan ku wening tur jembar manah dina beungkeutan silih asah, silih asih, silih asuh, silih wangikeun.


 posisi diuk bari sila dina muja smedi, dimana tulang tonggong ajeg bakal ngalancarkeun Neurotransmiter (salian 4 hormon anu tos dipedar).
Ari gawena Neurotransmiter teh pikeun ngirim pesen dijero sistem saraf, sabab eta hormon henteu ngan ukur aya dina otak hungkul tapi aya oge dina saraf tulan tonggong jeung sababaraha klenjar . ku ayana ieu hormon bakal aya efek anu ditimbulkeun dina jaringan saraf. zat ieu bisa mangaruhan suasana pikiran, ingetan, jeung
kasajahteraan. Sifat dasar tina efek anu dihasilkeun gumantung kana tingkat neurotransmitter, tempat, jeung jenis reseptor anu diiketna,,


tabe pun,


# nuhun kana seratan kang entjep borneo


 Rahayu _/\_

Tidak ada komentar: